Dari beberapa kecap yang dipelajari dalam bahasa sunda diantaranya Kecap Rajekan
Kecap Rajekan
1. Ubur-ubur téh hirupna teu netep, salawasna pundah-pindahkabawa ombak laut.2. Ari kana ngojay mah bisaeun ubur-ubur téh, tapi lalaunan.
3. Ubur-ubur kaasup sato nu kadaharan sapopoéna sabangsa daging.
|
Kecap pundah-pindah, lalaunan, jeung sapopoéna, kaasup kecap rajékan nu geus ditambahan ku rarangkén. Pikeun leuwih jelas, titénan proses awal kecapna.
1. pindah = dwiréka = pundah-pindah
2. laun = dwipurwa + -an = lalaunan
3. poé = sa- + dwimadya + -na = sapopoéna
Kecap rajékan téh nya éta kecap asal nu disebut deui dua kali atawa leuwih, boh sabagian boh sagemblengna. Kecap rajékan dina ieu pedaran urang bagi jadi 4 (opat) bagian, nyaéta:
1. Kecap Rajékan Dwipurwa
Dwi hartina dua, ari purwa hartina mimiti, jadi kecap rajékan dwipurwa nyaéta kecap rajékan nu disebut dua kali nu mimiti.
Conto: sapu + dwipurwa = sasapu
bérés + dwipurwa = bébérés
tulung + dwipurwa = tutulung
2. Kecap Rajékan Dwimadya
Dwi hartina dua, ari madya hartina tengah, jadi kecap rajékan dwimadya nyaéta kecap rajékan nu disebut dua kali nu tengah.
Conto:
sapeuting + dwimadya = sapeupeuting
sapoé + dwimadya = sapopoé
sajalan + dwimadya = sajajalan
3. Kecap Rajékan Dwilingga
Dwi hartina dua, ari lingga hartina angger (tetengger), jadi kecap rajékan dwilingga nyaéta kecap rajékan nu disebut dua kali bari angger (tetep) sora basana.
Conto: subuh + dwilingga = subuh-subuh
imah + dwilingga = imah-imah
sakola + dwilingga = sakola-sakola
4. Kecap Rajékan Dwiréka
Dwi hartina dua, ari réka hartina robah sora, jadi kecap rajékan dwiréka nyaéta kecap rajékan anu disebut dua kali bari robah sora basana.
Conto:
tulang + dwiréka = tulang-taléng
tulis + dwiréka = tulas-tulis
baca + dwiréka = bucu-baca